Rangkulan Salira - Sigit Gumilar


Rangkulan salira masih karaos
Pageuhna hese lesotna
Sugan teh tangkeup na anjeun
Nu pinuh rasa kakangeun
Horeng aya asih sapeungkeureun.

Boro tos bagja ieu diri 
mikacinta sageumbleungna
Sakur nu dipikahoyong 
rarasaan si tedunan
Anjeun mengkolkeun asih ka deungeun.

Ihklas memang ihklas
Naha ieu hate
Emut wae kasalira.
Ridho teu ngajodo

Diri memang nyeri
Beurat pikeun nampi
Panginteun kedahna
Gurat na urang papeugat.