Midang Bingah - Darso 


Galindeng tresna
Nu kedal taun kamari
Kiwari bukti…
Meungkeut geugeut jatukrami

Asri malati nu bodas
Ngaruntuy endah
Ngiring geura
Kanu nuju midang bingah


Ilang karempan
Datang hareupan
Kembang otel
Waktos apel

Ngabuah janten panganten
Pileuleuyan. lalagasan pileuleuyan
Dinten ieu anjeuna rek beber layar…
Cingcin asih di rema kiwa


Minda tempat ka katuhu
Dangding asih kawit lelewa
Pada jangji rek satuhu…
Cingcin asih dina jariji

Nyelap malah nambih endah
Pasini pareng ngahiji
Omat ulah bade pukah…
Galindeng tresna

Nu kedal taun kamari
Kiwari bukti…
Meungkeut geugeut jatukrami
Asri malati nu bodas

Ngaruntuy endah
Ngiring geura
Kanu nuju midang bingah
Ilang karempan

Datang hareupan
Kembang otel
Waktos apel
Ngabuah janten panganten

Pileuleuyan. lalagasan pileuleuyan
Dinten ieu anjeuna rek beber layar…
Cingcin asih di rema kiwa
Minda tempat ka katuhu

Dangding asih kawit lelewa
Pada jangji rek satuhu…
Cingcin asih dina jariji
Nyelap malah nambih endah

Pasini pareng ngahiji
Omat ulah bade pukah…